Kamis, 03 April 2008

Tauhid

Bubuka

Langkung ti payun sim kuring perlu ngucapkeun syukur ka hadirat Allahu Robbi, anu parantos maparin kanikmatan hirup sareng huripna ka sadaya mahlukNa.
Di dieu sim kurung ngarasa perlu nyatet tur medarkeun sasieureun sabeunyeureun tina katerangan-katerangan anu tos kapanggih, boh ti Guru atanapi tina pangalaman hirup sim kuring. Sanes maksud sim kuring rek nyanyahoanan atawa rek ngaleuleuwihi kanu parantos luhur elmuna, jembar kauningana, legok tapak genteng kadek, anu parantos masihan obor ka urang sadayana. Ngan kadorong ku ati suci ngiring jabung tumalapung kana ieu persoalan. Sanaos sim kuring teu rumasa boga ka nyaho sumawona geus jadi ahlina, ngan sakadar hoyong ngiring ngamumule kana elmuna keur pangeling-ngeling diri sim kuring.
Sok sanajan sim kuring boga saeutik pangarti tina tuturuti, kanyaho tina conto-conto, nyonto ti para ahli nu luhung elmu panemuna, anu ku kaum sufi (kabatinan) mah geus teu aneh deui dalil-dalil Al Qur’an, Hadist jeung pituduh-pituduh lainna, anu patali sareng katerangan – katerangan kanggo ‘Ngawincik Gusti, ngudag kanyataan Pangeran”, anu parantos ka pendak tur ka harti jeung karasa ku sim kuring.
Pesen kanu ngaos ieu buku, omat ulah rek di adu caturkeun komo nimbulkeun papaseaan mah. Da Agama mah lain alat pasea tapi Aturan Garapeun Manusa anu kudu dipilampah/dipraktekeun dina kahirupan manusa sapopoe.
Mangga ayeuna urang sasarengan pada ngama’naan deui sa basa sa caritana, sami-sami ngalenyepan cirri-cirina sareng eusina. Saolah-olah ngawincik harti, ngupas basa , basa anu sok jadi buah carita.
Teu hilap oge ka para Guru (anu mere pituduh) boh nu langsung kitu deui nu teu langsung sim kuring ngahaturkeun nuhun sareng neda sihapuntenan bilih ayah al-hal anu kusim kuring di pedar, teu sapagodos sareng pendapatna para Guru.
Wassalam Wr.Wb.
Ki Supri
LENYEPANEUN URANG !!!
“Awallu Dini Ma’rifatullohi ta’ala bis tiqoni”
Awal-awalna Agama eta, kudu ma’rifat heula ka Gusti Allah kalawan yakin.
”Wamanlan Jakffirulloh fidunya,fakaifa jarohu fil akhiroh” (Q.S. ayat 72)
Saha-saha nu lolong (teu nyaho) ka Allah keur di dunya, geus tangtu di akheratna oge lolong ( teu nyaho ).
“Rujatullohi ta’ala fidunya biaenil kolbi”
Ari ninggali Allah ta’ala di dunya kudu ku panon hate.
“Laesa kamislihi syaeun Wahuwas samiul basir “
Gusti Allah teu bisa disaruakeun jeung naon baenu aya di ieu dunya
“Lataharrokul jasadu illa biidnilroh, walata harrokul rohu illa biidnillah”
Obah usikna jasad ku roh, obah usikna roh ku Gusti Allah.
“Wahuwa maakum aenama kuntum”
Gusti Allah babarengan bae jeung mahluk-mahlukna ,dimana bae mahlukna aya di dinya Gusti Allah aya.
“Wanaehnu aqrobu ilaehi min hablil warid”
Kami jeung maneh teh geus euweuh antarana deui,, deukeut keneh kami ka maneh, tibatan urat beuheung anu nganteng dina beuheung maneh.
“Wallohu bikuolli syaein muhit”
Gusti Allah teh anu ngaliputan ka sakabeh mahluk anu aya dina ieu alam.
“Al insanu siri waana siruhu “
Manusa teh rasiahna pangeran, Paengeranteh rasiahna manusa.
“Man arofa nahsahu, fakod arofa robahu”
Saha-saha nu geus nyaho ka dirina, tangtu nyaho ka Gustina.
“Waman arofa robbahu, fakod arofa jahilan nafsahu”
Saha-saha nu geus nyaho ka Gusti Allah, tangtu ngarasa bodo dirina,bahkan bodo ge teu bodo-bodo acan.
“Qullu umatin wa Rusullihi”
Dina sakabeh umat katetepan Rasulullah,hartina rassa Allah.
“Wattaqullaha waju’allimukumullah”
Kudu taqwa maraneh(meresihan kokotor lahir batin),engke maraneh tangtu dipaparinan elmu ku Allah.
“Am kaefa jarhalu ilallohu wahua makbalun bisaehwati”
Kumaha rek bisana lumampah neangan Allah,sedeng manehna diringkus ku hawa nafsuna.
“Antal maottu-qoblal maottu”
Kudu bisa paeh samemeh paeh. (Kudu bisa paeh sajero hirup)
“Inna lillahi waina ilaihi roji’un”.
Asal ti Allah, kudu balik deui ka Allah.








Kajieun Urang Memeh Mulang !

* Iman – Tauhid – Ma’rifat – Islam the nyaeta Rukun Agama Islam .
Iman hartina : Percaya kalawan yakin.
Tauhid hartina : Tetep –ajeg- jejeg
Ma’rifat hartina : Nyaho – nyata – teu samar
Islam hartina : Suci - Sumerah – Salamet.
* Haqul aen hartina : Kakara deudeukeutan, reureujeungan
Haqul yakin hartina : Geus deukeut, geus reujeung.
Ma’rifatul aen hartina : Kakara basa jeung carita
Ma’rifatul hak hartina : Geus nyata, tetela, karasa
· Nu ka asup Kumawula ka gusti allah tEh nu asih ka papada mahlukna..
· Jalma nu geus nyaho naon hartina bener, tara gampang-gampang nyalahkeun kaayaan nu lian.
· Jalma anu geus uninga ka Gusti Allah, tangtu welas asih ka mahluk-mahlukNa.
· Anu welas asih ka abdi-abdiNa ,saolah-olah ngabakti ka Gusti Allah.
· Ulah waka umaku tunggal jeung Gusti, lamun can welas asih ka sasama mahlukna.
· Agama teh pitunjuk jeung katerangan-katerangan ti Allah
· Filsafat nyaeta hasil tina akal pikiran manusa
· Iman teu jeung ihtiar, ilmu teu jeung amal ,sarua jeung kosong molongpong.
· Saksi nu nomor hiji nu baris nyalahkeun jeung ngabenerkeun kalakuan teh hate.
· Najan pinter bias nyarita ngareka-reka basa, najan unggul dina catur, hate mah tetep nyaksian . Nusalah bakal cilaka asup ka naraka, Nu bener bakal salamet asuk ka surga..
Lenyepaneun !!!!
· Akal jeung pikiran di kamudi ku tekad, Tekad dikamudi ku ………………….
Tekad nu lempeng bener, teu cukup ku elmu sampurna luhur. Teu cekap ku paham nu tukuh, Anging ku Kudrat Iradatna nu Maha Suci.

· “Nyeka Raga , Merih Diri, Nyuci Ati , Tatapa Neda Laksana”.
· Dina AQl Qur’an di jelaskeun “ Wa ‘asmaihi ta-Allah,abadan bi kuffro” Hartosna : Singsaha anu ngaji Asmana bae, tetep kaffir lamun teu timu barangna.
Barangna dina Wujud :
· Sareat - Pangucap - Abu Bakar
· Hakekat - Pangambung - Umar
· Tarekat - Pangdangu - Usman
· Ma’rifat - Paninggal - Ali

Solat Subuh - Nabi Adam - Wujud
Solat Lohor - Nabi Enoh - Pangdangu
Solat Asar - Nabi Ibrahim - Paninggal
Solat Maggrib - Nabi Musa - Pangucap
Solat Isa - Nabi Isa - Pangangseu
Solat Jum’at - Nabi Muhamad - Rasa Jasmani

Allah - Muhamad - Adam
Hirup - Rasa - Adeg
Hirup - kanyataan ayana - Gusti Allah
Rasa - Kanyataan ayana - Muhamad
Adeg - Kanyataan ayana - Adam
· Malaikat Jibril mepelingan ka Kangjeng Nabi Yullah Adam : “ Kudu Tobat, ieu baca , Robbana Dollamna Anpussana Dunu Bana, Lana Qunana Minal Hosirin.”
Taliti sing Ati-ati
1. Muhamad – Haq = Dat – Sifat Gusti Allah = Rupina caang dumeling = Sagara – hirup (bibit nyawa sadayana)
2. Muhamad – Hakeki = Sorotna tina Dat- Sifat = Bijil Cahya opat rupi :
Narun = Cahaya Beureum
Hawaun = Cahaya Koneng
Maun = Cahaya Bodas
Turobun = Cahaya Hideung
3. Muhamad – Harid = Rasa Pribadi = Rasa Jasmani
4. Muhamad Majaji = Rupa Jasmani
Mim awal teh Mastaka
He teh Dada
Mim akhir teh Udel
Dal teh Sampean
· “Wa’abud Robbaka Hatta, ya Tiyakal Yakin” (Al-Hijr. 99)
Hartina; “Sembah Pangeran anjeun sing nepi ka datangna kayakinan” ( Kudu aenal yakin,sing sidik ka nu Maha Agung, ulah di kira-kira , dijudi-judi ku ati yen Allah the ayana di8 luhur aras).
· AQnu akraob jeung urang kakawasaan nu Maha Agung,hirup urang eta kakawasaan Gusti, nyaeta Hakekatna Muhamad tea.
Geura titenan singtelek pisan !!!
· Haqkullah = Hakna Allah = Hirup Urang
· Haqkul Adam = Rasa jeng nafsu = Nyawa
· Sifat Hirup = Sifatna Cahya = Roh Suci
· Nyawa = Sifatna Getih = Nafsu.

· Manusa wajib kudu percaya kana barang Goib, dalilna : “ Alladiena Yuminuna Biolgoibi”.
· Hartina ; “sakabeh Jalma anu Iman nekadkeun, ngabenerkeun,sarta ngaku kana perkara Goib”.
· “ Wallohu Goibun al Insanu Goibun”
· Hartosna : “Allah Goib, Manusa Goib”.
· Rijatul Alam jeung Rijalullah = Duanana Sapangkat, nyeta pangkat senapati.
· Rijatul Alam = Senapati anu ngagelarkeun elmu dohir, elmu kadewaan, gelaran ti sayid Anwar (Istijrad)
· Rijalullah = Senapati Allah nu ngagelarkeun Agama turunan ti Sayidina Anwas (Mujijat), Ramana Nabi Sis putra Nabi Adam.
· Sayid Anwar Ibuna terah Idajil
· Sayid Anwas Ibuna putrei ti Sawarga.
Bedana Ilmu Istijrad jeung elmu Mujijat.
· Ilmu Istijrad mah teu sesah napaan,asal percaya ge geus cukup.
· Ilmu Mujijat mah kedah digaleuh ku ngirangan tuang leueut (Tirakat)
Amalluna - Amallukum
Amal Urang keurt Urang – Amal batur keur batur
Sing Taliti - Sing Sidik
· Nur Muhamad = Adam Hakeki = Babakalna Alam Dunya :
1. Cahya beureum = Narun = Seuneu
2. Cahya Koneng = Hawaun = Angin
3. Cahya Bodas = Maun = Cai
4. Cahya Hideung = Turobun = Bumi
Kalima Caangna .
Alip - Lam - Lam He - (ALLAH)
Dat - Sifat - Asama
NABI ULUL AZMI
1. Nabi Adam pangkatna : Halipatullohu
2. Nabi Enoh pangkatna : Habibullohu
3. Nabi Ibrahim pangkatna : Halilullohu
4. Nabi Musa pangkatna : Kalammullohu
5. Nabi Isa pangkatna Rohullohu
6. Nabi Muhamad pangkatna : Rosulullohu
· Para Nabi anu Kasebat di luhur parantos parupus
· Para Rusul mah tetep teu robah nepi ka Qiyamat oge.
Sing Apik Sing Telik
Catetan dina bagian Hak
· Rasulullah = Rasa Allah
· Rasa Manusa = Rasa Sajati = Goib
· Rasa Jasmani = Rasa Pribadi
· Naon Hartina Dalil – Hadist – Ijma – Kiyas ?
· Dalil = Pangandika Allah
· Hadist = Pangandika Rasul
· Ijma = Pangandika Para Wali + Para Muslimin
· Kiyas = Sategesna Akal
· Naon Ari Kapir ?
· Kapir sategesna lain siitu-sieta, nyaeta jalma anu jahat atina, disagala bangsa oge tangtu aya.
· Dat –Sifat Allah teh = Hakekatna Muhamad = Sajatining Sahadat = Johar Awal = Sagara Hirup = Bibit nyawa sadayana.
· Tarekatna ngelmu teh = Ngagunakeun akal sangkan aenal Yakin.
· Naon Bedana Hirup Jeung Nyawa ?
Gusti Allah maparin Nyawa ka Manusa teh dina waktu urang mimiti ngabogaan RASA, NAPSU, jeung KAHAYANG ( Napsu nu opat Perkara : Napsu Amarah-Loamah-Sawiyah jeung Mutmainah) barang mimiti gubrag ka dunya. Ari Hirup mah geus ti beh ditu keneh , dijero beuteung Indung urang geus bias usik (Hirup

Ceuk Hadist : “Man Soal bila Ma’ripatin la tasinu Solatuhu”.( Jalma Solat teu kalawan Ma’ripat, teu sah soaltna)
Sabda Nabi Muhamad/Imam Gojali : “ Awwalu dinni ma’ripattullohi ta’alla”
(Awal-awalna anjeun nyepeng agama kudu maripat heula ka Allah)..
Dawuhan Allah di Qur’an Surat Al Hajar 99 : “Waabud Robbaka Hatta Ya’Tiyakal Yaqinu”.(Kudu nyembah maneh ka Pangeran maneh tepi ka yakin).

· Anu Goib di wujud manusa nyaeta : DAt – Sifat – Asma Allah.
· Jadi Hartina Goib the sifat-sifatna Hakekat.
· Dat nyaeta hakekatna Allah
· Sifat nyaeta hakekatna Muhamad
· Asma nyaeta hakekatna Adam
· Ap’alulloh = Amanat ti Gusti Allah , Nyaeta : Suci Ucapna, Suci Atina(Tekadna), Suci Lakuna (Lampahna)

Samemeh urang “Ngawincik Gusti, ngudag kanyataan Pangeran”teh perlu heula dikanyahokeunpertanyaan-pertanyaan di handap ieu :
1. Naon Hartina Agama ?
2.
1. HIRUP ku HIRUPNA
2. Hirup Ku Nu Hirup Naon Hartina Gama ?
3. Naon Ari Hirup
4. Saha Nu Hirup ?
5. Naon Hartina Kudrat ?
6. Naon Hartina Iradat ?
7. Naon Hartina NU Maha Suci ?
8. Naon Hartina Elmu ?
9. Naon Hartina Dirigama ?
10.Manusa teh mahluk nu pangunggul-unggulna . Naon unggulna Manusa ti mahluk nu sejen ?
11.Naon bedana Hirup Urang jeung hirup salian ti urang ?
12.Naon Ari Tetengger Agama Islam ?
13.Sajaba ti Rukun Islam jeung Rukun Iman, Rukun Naon anu perlu dikanyahokeun ku urang ?
14.Naon Ari Rukun Agama islam ?
15.Naon ari Parduna Agama Islam ?
16.Naon Ari Syaratna Islam ?
17.Naon Ari Batalna Islam ?
18.Dina Kitab Naon pepekna Caritaan jeung prakprakanana anu diparentahkeun ku hokum sara?
· Saparantosna ka jawab patarosan-patarosan di luhur perlu oge diemutkeun, mjargi aya perluna kanggo bahan ka payun nyaeta :
Buaqhna Iman aya 5:
· 1. Para Nabi = Mujijat
· 2. Para Wali = Karamat
· 3. Para Mumin = Sapaat
· 4. Para Bid’ah = Ihana
· 5. Para Kafir = Mujajilah

ALAM ANU TUJUH (7)
1.. Alam Ahadiat 2. Alam Wahdat 3. Alam Wahidoat
4. Alam Arwah 5. Alam Mitsal 6. Alam Ajsam
7. Alam Insan
Demi puji eta aya opat Harkat :
Puji : “Kodim Alal Kodim”
Dalilna : “ Laillaha Illa Anna “
Hartina ; “Euweuh deui Allah Jaba ti Aing” Gusti Allah muji ka anjeunNa.
Puji : “Kodim Alal Hadis”
Dalilna : “Nimal abdu innahu Awabbun”
Hertina : “ Pangalusna Jalma nyaeta nu sabar “ Gusti Allah muji ka abdiNa”
Puji : “ Hadis Alal Kodim “
Dalilna : “ Laillaha Illalloh “
Hartina : “ Teu aya deui Pangeran nu Wajib di sembah anging Gusti ALLAH “, Ti abdi muji ka Gustina.
Puji : “ Hadis Alal Hadis “
Dalilna : “ Jaedun Karimun “
Hartina : “Jalma Muji ka Jalma deui “.
NGAWINCIK GUSTI
Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Pangeran teh, kupirang-pirang Hadis jeung ku pirang-pirang dalil. Hadis teh saringeun deui jeung dalil teh intipeun deui, diintip cirri-cirina disaring sari-sarina. Mun geus kaintip cirina sarta geus ka

· saring sarina , cirri teh jadi ciciren Diri, Sari teh jadi sarining Budi. Budi basa kanyataan, ciciren Diri Sajati.
· Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Pangeran teh, lain pagawean anu gampang-gampang , lamun ku jealema anu ngnanggap bangga, sabalikna teu gampang-gampang acan ku jelema nu geus kakotekteak jalan-jalana.
· Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Pangeran teh, moal kaudag ku jalan apal-apalan jeung dodoa’an , teu cukup ku saukur kuru cileuh kentel peujit bae, tapi kudu kalawan dibarengan ku jalan “Kautamaan”, nyaeta kautamaan Lahir jeung kautamaan Bathin.
· Ngawincik Gusti ngudag kanyataan Pangeran teh, kudu singpuguh galurna, sing nincak kana atapakna, nyaeta galur anu nungtun kana kujur ,tapak anu nuduhkeun kana jalan. Jalan cukang kautamaan, nungtun kana karahayuan, geusan kasalametan lahir bathina. **

· Naon Ari Gusti Allah teh ?
· Naon Ari Pangeran teh ?
· Anu bias ngajawab kana ieu pertanyaan, ngan jalma anu geus nyaho kana hartina IMAN – TAUHID – MA’RIFAT – ISLAM.
· Ari IMAN – TAUHID – MA’RIFAT – ISLAM teh : RUKUN AGAMA ISLAM.
Leuleupeutan leuleuweungan, dipalar kejo poena.
Deudeukeutan Reureujeungan Jeung Allah sapopoena
· Nerangkeun Rasul nu ka hiji Nabi Adam :
Sahadatna : “ Asahadu anlaillaha Ilalloh, Waashadu Ana Adam Halifatulloh”.
maneh ayeuna ulah waka haying marifat ka kami, kanyahoankeun heula wujud maneh pribadi, sabab wujud maneh eta ,kanyataan ayana Kami.” Dalilna : “Wallohu Batinnul Insan, ASl IOnsannu Dohirulloh”.
· Rasul anu ka dua Nabi Enoh :
Sahadatna :“ Asahadu anlaillaha Ilalloh,Waashadu Ana Enoh Habibulloh”
Dawuhan Gusti Allah : “Maneh Enoh dikeresakeun ku Kami jadi utusan, tapi maneh ayeuna entong haying ma’rifat ka Kami, kanyahokeun heula Denge Maneh Denge Aing”. Dalilna :”Sami- Samian”. Jeung maneh kudu SOLAT Waktu Duhur lobana opat Rokaat, sing tarima boga dua cepil jeung dua suku..

· Rasul anu ka tilu Nabi Ibrahim :
Sahadatna :“ Asahadu anlaillaha Ilalloh,Waashadu Ana Ibrahim Halilulloh”
Dawuhan Gusti Allah :”He, Ibrahim maneh teh ayeuna jadi utusan, tapi montong haying ma’rifat ka Aing, kanyahoankeun heula Paninggal Maneh, nyaeta Paninggal Aing.” Dalina :”Basar – Basiran.” Ayeuna pek geura Sujud, kudu Solat opat Rokaat waktu Asar,sabab maneh kudu tarima ngabogaan panon dua siki jeung leungeun kenca katuhu.”
· Rasul anu ka opat nabi Musa :
Sahadatna :“ Asahadu anlaillaha Ilalloh,Waashadu Ana Musa Kalamullah”.


Dawuhan Gusti Allah :” Maneh jadi utusan Aing Pribadi, tapi engtong haying terang kana Dat,Sifat Aing kanyahokeun bae heula Pangucap maneh teh eta tegesna pangucap Aing .” Dalilna : “Kalam – Mutakaliman”. Pek geura Solat waktu magrib, lobana tilu Rokaat, sabab saperkara boga baham, kaduana boga lisan katiluna boga ati.

· Rasul anu ka Lima Nabi Isa :
Sahadatna :“ Asahadu anlaillaha Ilalloh,Waashadu Ana Isa Rochulloh”
Dawuhan Gusti Allah : “Maneh, Isa geus jadi utusan Kami, tapi teu kudu haying terang kana Dat Aing, kanyahokeun heula bae Napas maneh pribadi, sabab eta napas kanyataan hirup Aing.” Pek geura Solat waktu Isao pat Rakaat, lantaran di maneh teh ngabogaan dua liang irung, katiluna napas kaopatna getih geus bukti, sabab mun getihna lampus, napasna ge moal aya

· Rasul anu ka Genepna Nabi Muhammad :
Sahadatna :“ Asahadu anlaillaha Ilalloh,Waashadu Ana MUHAMMAD RASULULLAH”
Ngadawuh Gusti Allah : “Eh, Muhammad , manehtehn utusan Kami ka Aing kudu ma’rifat sabab maneh anu pangdeuheusna’ dalilna engeus disebut dina Qur’an :” Al Insanu Siri., Wa’anna Siruchu,” Sategesna maneh Muhammad, Rasa Aing enggeus tangtu, Kapan Pangkatna ge Muhammad Rasulullah”. Ieu Aing mere Buraq pikeun engke ngadeuheus ka Hadraut Aing, jeung turunkeun ka anak incu, terus ka para Wali sadaya,muslimin para Olia, nu menang pitulung Gusti malah nepi ka poe Kiamat.”
Tinggali lafadna Nabi-nabi : Adam, Enoh, Ibrahim, Musa sareng Isa,sadayana teu nganggo Tasjid Iwal ti Nabi Muhammad, sami sareng lapad Allah, netelakeun

· ka Yang Agung.
Jadi sanajan ayeuna sadayana umat Nabi, tangtu bias lamun kapanggih”Tasjidna” asal suhud neanganana, dibeulina ku prihatin, Tirakat mutih, puasa sareng dibarengan ku Tekad, Ucap jeung Lampah anu Suci. Mangga Lenyepan !!!
· Saur Sepuh : Keris manjing Warangka, Warangka manjng Curiga
CATETAN HASIL PRIBADI
· Ngelmu the kudu: Kapanggih , Kaharti, Karasa, Jeung Nyata.

ALLAHKapanggih Pituduhna
Kaharti Maksudna
Karasa Eusina
Nyata Ayana












Katineung kuring

Dina saban mangsa, ku kuring geus karasa
Nyata ayana rasa , nu pinuh ku karempan
Ari ras maca diri sorangan
Saha nu salah, naha make salah, jeung naha bet aya ?
Hirup manusa teu sabaraha lilana
Kabagjaan dunia akhirat anu di seja
Rasa deudeuh jeung nyaah kasasama
Teu luntur ku waktu, teu laas ku kaayaan
Iraha urang baris mulang ?

4 komentar:

Air Setitik Community mengatakan...

Please visit us at http://airsetitik.tk or http://airsetitik.co.cc

Blogger mengatakan...

Tolong pang diterjemahkeun ka bahasa Indonesa mang nu kasep lahir jeung batinna!

Keyzha ass Shifa mengatakan...

Ass..Subhanallah..., klo ada minta keterangan asal usul manusia sampai ke nur Allah dan penjelasan martabat 7 dlm bahasa sunda juga..
"Trima kasih"
wass.

hil mengatakan...

kudu wawuh kanu tilu, kudu apal kanu opat, nu tilu aya di juru nu opat aya di awak, mituhu kudu kaditu ka Gusti Robul Ijati, nya hayat......